waliwis di mana mandi
nya mandi di paguyangan
nu geulis di mana janji
nya jangji di panganjangan
CI CEPOT TEA |
ka cai te di mandikeun
bongan bohong bongan bohong
pasimi teu di jadikeun
meuncit meuri dina rakit
boboko wadah bakatul
lain nyeuri ku panyakit
kabogoh direbut batur
talimpung talina beunang
mobil beureum diguratan
satungtung euncan beunang
arek teurus disuratan
cau amon di korangan
malati ka pikir-pikir
akang nu ambon sorangan
nyai mah te mikir- mikir
piring pisin di ragaji
dagang cenol di kalapaan
isin ku paraji
boga buadak teu bapaan
paribasa nganjam samak
neukteukan bari motongan
paribasa neang anak
ngadeukeutan popotongan
sapanjang jalan soreang
moal weuleh di aspalan
sapanjang can ka sorang
moal weuleh di akalan
wulingis gunung palenjo
gunung krang katindihan
nugeulis te bisa ngejo
tenjo wadeung di gigihan
tipeuting samping beureusih
ti beurang tupal beundera
ti peuting pagilinggisik
ti beurang pangih era
kamana nya nyiar payung?
sakieu panas poena
kamananya neang duyung
sakieu panas hatena
sing geutol nginum jajamu
gunana ameh nguatkeun urat
sing geutol neangan elmu
gunana keur ka aherat
angeun cenol di kalapaan
gunal genol euweh bapaan
baju beureum nasi uduk
baju beurem menang nganjuk
baju abri warnana loreng
nu seri jeleuma goreng
0 komentar:
Posting Komentar