asalamualaikum" patepang sareung sim kuring di sisindiran kango heuheureuyan, ieu sisindiran biasa di gunakeun ku kolot baheula dina raraga hiburan atawa hajatan, sim kuring didieu nepangkeun sisindiran, ameh budaya sunda teh masih di ingeut jeng aya buktina nyaeta sisindiran ieu anu di jadikeun bukti budaya sunda. di budaya sunda loba keneh nu can di tepangkeun kecuali sisindiran ieu, knango pengunjung blog ieu, selamat babarakatakan wae sambil nangkarak: di baca sisindiranna."
Aya jurig aya ririwa
Kini-kini dina ledeng
Aya ijid aya ngewa
Nini-nini ngajak ngedeng
Kini-kini ti parigi
Anak bogo na ayakan
Nini-nini lari pagi
Ngajedog dina tanjakan
nini-nini kuang kuang..
aki-aki nuju tuang…
nini aki meuni beugang
|
si cepot |
malati kembang malati
dipelakeun dina dulang
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka bungbulang
ecet-ecet oet-oet
barudak ngarurek belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut
datang waktu sholat lohor
bapa-bapa malah malolor
tuh tinggalen sholat lohor
bukitu te pake kolor
datang waktu sholat subuh
ema-ema malah neangan suluh
tuh tinggaleun sholat subuh
nukitu jelma teu puguh
datang waktu sholat isya
anak muda malah ngagaya
tuh tinggaleun sholat isya
nukitu bapana kuya.
datang waktu sholat magrib
bapa-bapa malah gudag gidig
tuh tinggaleun sholat magrib
nukitu incuna jurig
bi mumun meuli neon
meulina di kota kembang
eh maneh eta beungeut atawa naon
mani siga si koneng ngambang
meni hayang buah muris
menangna kalah yuyu
ibu lilis mani geulis
abdi nyebatkeun I love YOU
tataksiran-tataksiran
hulubotak di sisiran
kaduhung ngadu kaleci
meuli leupet di cabean
kaduhung boga salaki
liang…….ngagedean
di keubon aya nu mancing
urangna teu acan di acukan
lamun urang eukeur geuring
geura – geura di ubaran
Meuli jagong keur japati
Eta jagong di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun
Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare
lamun maneh boga keris
sok paehan lauk hiu
lamun maneh bisa basa inggris
sok naon artina I LOVE YOU
kajeun jeungjing sisi rawa
asal ka ci apus jana
kajeun teu jingjing teu bawa
asal nu dibungkus kucana
kaleuweung bade melak tomat
disarengngan ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti solat
salawe duapuluh lima
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dangdan teu bisa ngejo
anu matak anu mawi
hulu botak ka tinggang awi
Samping kebat dilelepe
samping poleng digulung deui
kuring lepat nya mepende
sing horeng indung si nyai
Papatong euntrep na rega
di cepret ku karet geulang
montong deukeut kanu egang
bisi didempet teu bisa hudang
Rincik rincang rincik rincang
saladah gede beungketna
sidik pisan sidik pisan
nyi randa ageng ....
Tikukur mawa-an heucak
Mawa deui mawa deui
…….r datang ka pecak
Rangda deui rangda deui
Tat tit tut daun sampeu
saha nu hitut saha nu ngambeu
dibawa ka saung butut
datang-datang pakdurudut
Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang
Jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas kuring meuli bajigur
diambuan bau bujur
hayang nyatu euweuh kejo
beasna di panggilingan
boga minantu rada gelo
mitohana di tampilingan
kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan
hayu urang bareng ngecrik
ulah poho mawa emberna
kunaong mang ceurik
hayang nyusu ka nini na
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai ngeclak ninggang momok
laun-laun jadi orok
Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol
Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun
Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana
Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh
|
seummar, cepot, dewala |
kacibogo kacibadak
meuli ragi di bendunagan
ulah bobogohan jeng budak
mahugi pepeulendungan
jalan2 ka kang apip
lila2 pasti kesel
lamun ningal smp yapip
pastina moal nyesel
lelempangan meuli timun
meulina ka kang apip
dari pada urang ngalamun
mendingan ka smp yapip
Meuli piring di Mang Ohan
Mayarna make duit rebuan
Mun Silaing keur bobogohan
Eta leungun ulah kakarayapan
ka bandung tuluy k bogor
ka cianjur meli bonteng
ka siksa bga kabogoh
sungutna bau sepiteng
ci karacak ninggang batu
laun-laun jadi dekoq
sirah botak katinggang batu
nya eta …. bletok
obat nyamuk
katiup angin
kuring ngamuk
menta kawin
sugan teh kaliki dangdeur
boro abdi gancang ngadek
sugan teh lalaki bager
boro abdi gancang daek